Wednesday, September 9, 2009

17 pupuh

Pupuh Maskumambang (1)
Laras : Madenda
Aduh Ibu naha tega ngantun abdi
teu acan dewasa
Abdi sareng adi-adi
Males budi ka salira

Ibu tangtos sering pisan rengat galih
Abdi nu baheula
Ayeuna mung ukur ceurik
Mun emut dosa harita

Mung ieu ranggeuyan kembang tawis kingkin
Sinareng pangdu’a
Mugi-mugi ibu …………
Di ditu di kalanggengan


Pupuh Sinom (2)
Laras : Madenda
Mapag balebat wiwitan
Ngabring leupang ngagaridig
Barudak rek sarakola
Kapireng abdi hariring
Paheula-heula nepi
Unggal isuk geus ngabakung
Bari garogonjakan
Estuning saruka ati
Sarerea haying geura dialajar

Mapag poe galumbira
Raresep nyungsi pangarti
Najan anggang ka sakola
Nanjak mudun mipir pasir
Barudak pada saharati
Yen kudu marupul elmu
Ngawujudkeun cita-cita
Teu jadi beungbeurat diri
Mangsa datang rek dipapag babarengan

Kumpul hareupeun sakola
Ngaderes apalan peuting
Teu hariwang mun ulangan
Nu keur piket beberesih
Sangkan betah jeung tingtrim
Digawe teu matak ngaganggu
Kapireng bela disada
Barudak tuluy tapapti
Nganti guru bari lebet panghareupan
Pupuh Kinanti (3)

Ngantos-ngantos nu di Bandung
Ngumbara nyiar pangarti
Duh akang iraha mulang
Abdi sareng adi-adi
Soro hoyong geura tepang
Kempel deui sabihari

Mun siang ……..
Kacipta akang the sumping
Kapireng gentra salira
Pami nyaur adi-adi
Mindeng kaimpikeun mulang
Asa tos aya di bumi

Karaos kanyaah dulur
Ku patebih langkung asih
Kahartos carios akang
Basa nuju ngaping abdi
Tangtos diestokeun pisan
Pamugi urang walagri



Pupuh Jurudemung (4)
Hanjakalabdi hanjakal
Emut nu kapungkur-pungkur 2 x
Pun bapa nu ngaping 2 x
Pun bapa abdi tara mirosea
Abdi kalah mindeng pundung

Ayeuna kantun hanjakal
Sabada pun bapa ngantun 2 x
Teu aya nu ngaping 2 x
Teu aya da pun siang teu damang
Ka saha abdi ……….

Rumaos ku seueur dosa
Ka bapa miowah ka indung 2x
Tambih peurih ati 2x
Tambih upami jarah ka makam
Abdi sok mindeng ngagugu







Pupuh Lambang (5)

Ucing haying jadi jalma
Haying pais lauk emas 2x
Sangkan teu diguna sikah
Keur jalma dituding bangsat

Asin haying jadi jalma
Sangkan ucing teu ngahakan 2x
Malah mun ucing ngabangsat
Rek digebah satakerna

Mun jelema haying dahar
Asin mah moal dituang 2x
Tangtu milih lauk emas
najan sesa ucing lapar


Pupuh Wirangrong (6)

Manehna kacida teuing
Ngedul bari mindeng bolos
Keur THB kalah mumul
Ngapalkeun dipake ulin
Rapotna rea beureuman
Manehna teu naek kelas

Mun jeung batur na papangge
Manehna mindeng ngaleos
Eraeun lamun keur kumpul
Da puguh batur mah rajin
Sarerea naek kelas
Sabab daria diajar

Kapaksa mimiti deui
Da puguh manehna ngendog
Bari ngarasa kaduhung
Era ku nu jadi adi
Ayeuna jadi sakelas
Manehna janji rek robah










Pupuh Asmarandana (7)
Laras : degung

Mun ujang nyiar pangarti
Terus sakola ka kota
Sing jadi murid rancage
Bener pinter bari sehat
Mekaheman sasama
Asih kanu jadi guru
Gaganti ema jeung bapa

Nya kitu deui ka nyai
Sing junun terus sakola
Ka kota lain rek nyalse
Ulah rek kamalinaan
Pelesir senang-senang
Pan hidep kawengku waktu
Kudu tamat da mangsana

Ema teu weleh miasih
Bapa tan kendat ngadunga
Sangkan hasil maksud hidep
Bagja ema bagja bapa
Lamun nyai jeung ujang
Duaan harasil maksud
Mun mulang mawa ijasah




Pupuh Durma (8)
Laras : degung
Para prajurit amarta geus samakta
Tekad sayaga jurit
Bakal makalangan
Kurawa musuh bangsa
Pan kudu gancang diusir
Ti lemah endah
Nagri pupujan ati

Ngerab-ngerab bandera nagri amarta
Ngaeut para prajurit
Muru-muru setra
Ngagedur sumangetna
Mun kudu nembahan pati
Ihlas jeung luas
Asal nagri walagri



Geus kapireng teretet tarompet perang
Kabeh sarakah indit
Maresat pakarang
Sinarna ting gurilap
Kurawa mangun nu ketir
Samemeh tanding
Geuning bangun jejerit



Pupuh Magatru (9)
Laras : degung

Hiji mangsa mang kabayan dagang bubur
Cenah rek dagang nguriling
Rek dagang es tangtu payu
Bet hujan tepi ka burit
Dagang taya nu ngawaro

Mang kabayan isukna teh dagang bubur
Bubur kacang panas teuing
Sedeng poe matak tutung
Mang kabayan rugi deui
Teu payu najan samangkok

Pagetona mang Kabayan dagang terus
Bubur jeung es bet ngahiji
Sangkan sakalian nanggung
Mun hujan buburna laris
Mun panas es nu diboro



Pupuh Balakbak (10)
Laras : degung

Beungeut beureum huntu hiji jeung bolotot ……… nyerengeh
Ngarana teh Astrajingga nu katelah ………..geus beken
Sok sanajan-sok sanajan rea hutang angger senang ……… ngalagege

Awak rengkung rejeung jangkung irung mancung ………… si Udel
Beuki sare beuki dahar beurang peuting ……… ngagahel
Kabeukina-kabeukina kentang goreng dibawangan ………. Parakedel

Irung nambru huntu tonggar ngomong sugal……… si gareng
Gampang ambek teu pupuguh ka sasaha …………..ngagambreng
Kahayangna-kahayangna teu kaop teu ditedunan……….. nyanggereng



Pupuh Dangdanggula (11)

Pasosore nyawang Bandung asri
Basa kuring ulin ka Isola
Ti dieu ti beulah kaler
Tembong di lingkung gunung
Kota kembang bangun nu sepi
Heug teu kapireng sora
Da geus puguh jauh
Langitna kacida lenglang
Estu taya mega bodas aling-aling
Sore itu bengras pisan

Angin Lembang nebak ngahiliwir
Nguyag-nguyag jajaran tangkal camara
Lir ngugupay wae
Ngagupay kota Bandung
Itu aya sapasang japati
Anteng kakalayangan
Ngahanjak hayu
Di beh kidul samar-samar
Gedong sate katembong bangun nu tingtrim
Endah pisan matak kelar

Mangsa beurang baganti jeung peuting
Kota Bandung katembong barakbak
Kota beuki asri bae
Mangpirang lampu hurung
Lir bentang karetap-ketip
Di langit bulan ngebrak
Kota beuki ngempur
Lir anu pesta cahaya
Ngan hanjakal hawana teuing ku tiis
Kapaksa kuring mulang



Pupuh Mijil (12)

Beurang peuting pringgandani sepi
Karaton parongpong
Gatot kaca jeung para Prawira
Rampak mangkat seja maju jurit
Nu kantun Arimbi
Jeung para Sesepuh





Pupuh Gambuh (13)
Laras : pelog

Manehna bati bingung
Basa nyebat bapa reujeung ibu
Tacan mulang sanajan geus liwat burit
Adina ngadadak ripuh
Tadi ngadadak rampohoy

Basa adi humarurung
Rampang-reupeung manehna teh bingung
Meuli obat da puguh teu boga duit
Jeung adi saha nu tunggu
Lamun ditinggal ka kota

Tungtungna bati ngaharung
Jaba ngampleng nu ditunggu-tunggu
Boa bapa jeung ibu nyorang balai
Palias mun kudu kitu
Tapi naha tacan cunduk



Pupuh Pangkur (14)
Laras : salendro

Upami bosen di kota
Lamun salira hiji waktos pakanci
Sumangga ameng ka lembur
Ku abdi diantosan
Urang sareng macangkrama ngaler ngidul
Salira hoyong kamana
Tangtos dijajap ku abdi

Mun amengan ka walungan
Ningal cai canembrang herang beresih
Tangtos urang hoyong ancrub
Silanglang kokojayan
Moal gila kumargi cai ti gunung
Estuning bersih pisan
Benten sareng nu di hilir

Mun ameng ka pasawahan
Mapay galeng kahade salira geubis
Panginten kedah ditungtun
Ningali nu dibuat
Pami cape sae mun liren di saung
Urang murak bebekelan
Timbel pepel jambal roti

Pupuh Gurisa (15)
Laras : salendro

Nini nganggo kaos sangsang
Penyanyi dangdut gambarna
Bari ngangge kaca soca
Nu hideung meles warnana
Jalan-jalan pasisiang
Ngocorkeun cai ka sawah
Ngagober lancingan panjang
Nu sebat begi tea

Aki pondok lancingannana
Nu loreng-loreng warnana
Kaos oblong gambar naga
Nyandak ransel ka mamana
Bades turis nagri Jepang
Nu gantrel ngaroris serang
Tukang ojeg dibalapan
Aki nyuksruk ka kotakan

Nini aki ka uleman
Boncengan paduduaan
Nini naplok aki dangah
Lir Ratih jeung Kamajaya
Motor ngebut sajajalan
Majarkeun teh bisi hujan
Padahal mah kaca soca
BL hideung hilap muka



Pupuh Ladrang (16)

Akang cepot resep olahraga
Rewog dahar rewog dahar
Ramo nu kaimpi-impi
Bina raga kalah sirah ngabadagan

Ari Udel resep pepelakan
Melak jantung melak jantung
Ceunah ngarah tereh jadi
Cau asak rek didahar ku sorangan

Ari Gareng karesepna gogorengan
Masak hayam masak hayam
Ceunah ngulem Narpati
Bulu hayam bet poho teu dicabutan


Pupuh Pucung (17)
Laras : salendro

Kudu sadar kan manfaatna elmu
Pikeun dialajar
Sanajan di imah oge
Kapan kudu ngapalkeun sing enya-enya

Awal ahir tinangtu bakal kaduhung
Mun henteu daria
Pangajaran kasesered
Lamun rapot bareureum tangtu hanjakal

Mun geus kitu pan karunya bapa indung
Nu ngabiayaan
Meunang harese digawe
Asal anak laksana nya cita-cita

No comments:

Post a Comment